CLIMATE CHANGE ceuk urang sunda
Loba kabejakeun dina mass media ngeunaan climate change atawa parubahan iklim. Isu anu kawantu matak hariwang. Loba bukti nyata geus ngajadi hareupeun mata. Mulai tina usum hujan jeung halodo anu geus teu panceg dina waktuna, panas anu kabina-bina jeung lain sajabana. Geus puguh ari anu disebut bencana mah, mahabu dimamana. CIndekna, naon anu disebut parubahan iklim the? Hayu urang guar baraya..
Parubahan iklim atawa anu sok disebut oge climate change nyaeta kajadian dimana iklim jadi teu ilahar. Anu jadi sabab musababna nyaeta ku ayana temperature atawa suhu bumi anu beuki ka dieu beuki ngaronjat. Padahal mangpirang-pirang taun samemehna teu kabejakeun. Dumasar kana panalungtikan para ahli, climate change the disababkeun ku hiji pasualan anu disebut Global warming (pamanasan global).
Global warming (pamanasan global) nyaeta hiji penomena anu ngajadi di bumi urang. Anu jadi cukang lantaranna kawilang loba. Misalna wae :
Jumlah kendaraan anu beuki nambahan
Pamakean zat kimia anu disebut Freon atawa CFC. Zat kimia iyeu ngabalukarkeun lapisan ozon (anu nyalingkeuran bumi) jadi ipis nepi ka antukna bolong. Antukna, sebrot panonpoe bisa laluasa langsung nepi ka bumi tapi henteu kasaring deui. Padahal aya bahaya anu bakal tumiba lamun sebrot panonpoe teu kasaring. Misalna wae ngabalukarkeun kanker kulit.
Beuki lobana gedong – gedong tingkat jeung nguranganana lahan terbuka jeung tatangkalan (istilah populerna RTH (Ruang Terbuka Hijau)).
Jrrd.
Ku ayana pamanasan global, cuaca nu aya jadi robah. Jadi teu stabil. Usum ngijih jadi teu puguh jujutan bulanna. Kitu deui usum halodo, ngan saukur ngaliwat. Anu jelas mah hawa asa panas teu puguh, matak bayeungyang. KAbejakeun di sababaraha wewengkon geus hese cai latan sumber caina saat. Anu matak geunjleung, bongkahan es di kutub geus mimiti leeh jadi cai. Balukarna, beungeut cai jadi naek. Sababaraha pulow diprediksi bakal titeuleum. Kakeueum cai. Akibat nu lain anu karasa, loba panyakit anyar anu can kapanggih bejana. Cindekna, pamanasan global kawantu mangrupakeun masalah gede anu kudu disanghareupan ku urang sarerea. Perlu tindakan anu nyata samemeh kajadian anu leuwih rosa tumiba ka urang. Baraya, hayu anu urang kawitan!
Wawar :
Insya Alloh, dina tulisan salajengna urang ngaguar pasualan anu masih aya patula-patalina jeung pamanasan global. Wilujeng maos!



